ads here

Artikel Bahasa Sunda Sérén Taun

advertise here

 

Sérén Taun


Sérén Taun nyaèta salah sahiji tradisi anu aya di masarakat Sunda, nepi ka kiwari. Éta tradisi masih kénéh digelarkeun ku masarakat agraris tradisional sunda, saperti di Sukabumi, Kuningan, Bogor, Banten jeung daerah séjénna.

Sacara Étimologis kecap sérén taun diwangun ku dua kecap nya éta kecap sérén jeung taun. Sérén nya éta kecap pagawéan mulangkeun, mikeun, nyerahkeun deui naon-naon anu tadina dititipkeun, dipihapékeun. Sedengkeun taun nya éta waktu di dunya anu lilana 12 bulan.

Sérén taun atawa serah taun dumasar ma'na kecap, miboga harti sérén sumérén taun nu kamari ka taun nu bakal datang salaku gagantina. Dina kontéks kahirupan tradisi masarakat agraris tradisional Sunda, sérén taun mangrupa média sukuran ka nu maha Kawasa sagala hasil tatanen anu cukup nu ku maranéhna dilakon, sarta miharep dina taun-taun saterusna sagalana bakal leuwih hadé.

Sérén taun geus aya di jaman saméméh masarakat sunda mikawanoh agama Islam. Urang sunda anu sabagéan pakasaban masarakatna dina widang tatanén mangrupa salah sahiji kasang tukang ayana tradisi upacara sérén taun.

Sérén taun anu dilaksanakeun dina bulan Muharam numutkeun kalénder Islam anu mangrupa bulan munggaran dina kalénder Islam, tapi béda jeung sérén taun anu digelarkeun di Kuningan Jawa Barat.

Di Kuningan sérén taun dilaksanakeun dina tanggal 22 Rayagung anu mangrupa bulan munggaran dina taun Saka kalénder Sunda. Ieu mangrupa pangbéda anu teu kawilang jauh sabab dina kasang tukangna sorangan sérén taun diayakeun pikeun ngebréhkeun rasa sukur ka nu Maha Kawasa anu maparin kasalametan tur kabagjaan ka masarakatna dina sataun katukang utamana dina hasil panén. Pangbéda ieu gumantung dina daérahna séwang-séwangan dumasar kana kapercayaan jeung tradisi di daérahna tapi biasana waktu dilaksanakeun teu jauh pisan ukur 2 nepi 3 bulan.

Upacara sérén taun di jaman baheula saukur ngumpulkeun hasil panén pikeun disérénkeun ka Sanghyang nu dibarengan ku macakeun do'a dina raraga ngébréhkeun rasa sukur sarta miharep panén saterusna bisa leuwih mucekil.

Sérén taun mibanda tujuan, di antarana :
Sukuran ka nu Kawasa dumasar hasil tatanén taun ayeuna;
Silaturahmi masarakat jeung masarakat séjén;
Neruskeun tradisi karuhun anu geuh hirup mangabad-abad;
Ngajén jeung ngamumulé tradisi Sunda.
Advertisement
BERIKAN KOMENTAR ()